Sri Baduga Maharaja (Ratu
Jayadewata) mengawali pemerintahan zaman Pajajaran, yang memerintah selama 39
tahun (1482-1521).
Pada masa inilah Pakuan mencapai puncak perkembangannya. Di Jawa Barat Sri
Baduga ini lebih dikenal dengan nama Prabu Siliwangi. Di akhir masa
pemerintahannya, Prabu Siliwangi dikabarkan menghilang, dan sampai sekarang
masih merupakan misteri dimanakah beliau berada, sebelum itu beliau
meninggalkan pesan-pesan untuk pengikutnya.
Pesan-pesan inilah yang dipercaya sebagai ramalan Prabu Siliwangi untuk
kejadian yang akan terjadi dimasa yang akan datang.
Beginilah pesan-pesannya :
Pun, sapun kula jurungkeun
Mukakeun turub mandepun
Nyampeur nu dihandeuleumkeun
Teundeun poho nu baréto
Nu mangkuk di saung butut
Ukireun dina lalangit
Tataheun di jero iga!
Saur Prabu Siliwangi ka balad Pajajaran anu milu mundur dina sateuacana
ngahiang : “Lalakon urang ngan nepi ka poé ieu, najan dia kabéhan ka ngaing
pada satia! Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup jadi
balangsak, ngilu rudin bari
lapar. Dia mudu marilih, pikeun hirup ka hareupna, supaya engké jagana, jembar
senang sugih mukti, bisa ngadegkeun deui Pajajaran! Lain Pajajaran nu kiwari,
tapi Pajajaran anu anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman! Pilih! ngaing
moal ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, hanteu pantes jadi Raja, anu somah
sakabéhna, lapar baé jeung balangsak.”
Artinya :
Prabu Siliwangi berpesan pada warga Pajajaran yang ikut mundur pada waktu
beliau sebelum menghilang :
“Perjalanan kita hanya sampai disini hari ini, walaupun kalian semua setia
padaku! Tapi aku tidak boleh membawa kalian dalam masalah ini, membuat kalian
susah, ikut merasakan miskin dan lapar. Kalian boleh memilih untuk hidup
kedepan nanti, agar besok lusa, kalian hidup senang kaya raya dan bisa
mendirikan lagi Pajajaran! Bukan Pajajaran saat ini tapi Pajajaran yang baru
yang berdiri oleh perjalanan waktu! Pilih! aku tidak akan melarang, sebab
untukku, tidak pantas jadi raja yang rakyatnya lapar dan miskin.”
Daréngékeun! Nu dék tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul! Anu
hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah kalér! Anu
dék kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wétan! Anu moal milu ka
saha-saha, geura misah ka beulah kulon!
Artinya:
Dengarkan! Yang ingin tetap ikut denganku, cepat memisahkan diri ke selatan!
Yang ingin kembali lagi ke kota
yang ditinggalkan, cepat memisahkan diri ke utara! Yang ingin berbakti kepada
raja yang sedang berkuasa, cepat memisahkan diri ke timur! Yang tidak ingin
ikut siapa-siapa, cepat memisahkan diri ke barat!
Daréngékeun! Dia nu di beulah wétan, masing nyaraho: Kajayaan milu jeung dia!
Nya turunan dia nu engkéna bakal maréntah ka dulur jeung ka batur. Tapi masing
nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engkéna bakal aya babalesna. Jig geura
narindak!
Artinya:
Dengarkan! Kalian yang di timur harus tahu: Kekuasaan akan turut dengan kalian!
dan keturunan kalian nanti yang akan memerintah saudara kalian dan orang lain.
Tapi kalian harus ingat, nanti mereka akan memerintah dengan semena-mena. Akan
ada pembalasan untuk semua itu. Silahkan pergi!
Dia nu di beulah kulon! Papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkéna, turunan
dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur, ka dulur
anu nyorang saayunan ka sakabéh nu rancagé di haténa. Engké jaga, mun tengah
peuting, ti gunung Halimun kadéngé sora tutunggulan, tah éta tandana; saturunan
dia disambat ku nu dék kawin di Lebak Cawéné. Ulah sina talangké, sabab talaga
bakal bedah! Jig geura narindak! Tapi ulah ngalieuk ka tukang!
Artinya:
Kalian yang di sebelah barat! Carilah oleh kalian Ki Santang! Sebab nanti,
keturunan kalian yang akan mengingatkan saudara kalian dan orang lain. Ke
saudara sedaerah, ke saudara yang datang sependirian dan semua yang baik
hatinya. Suatu saat nanti, apabila tengah malam, dari gunung Halimun terdengar
suara minta tolong, nah itu adalah tandanya. Semua keturunan kalian dipanggil
oleh yang mau menikah di Lebak Cawéné. Jangan sampai berlebihan, sebab nanti
telaga akan banjir! Silahkan pergi! Ingat! Jangan menoleh kebelakang!
Dia nu marisah ka beulah kalér, daréngékeun! Dayeuh ku dia moal kasampak. Nu ka
sampak ngan ukur tegal baladaheun. Turunan dia, lolobana bakal jadi somah. Mun
aya nu jadi pangkat, tapi moal boga kakawasaan. Arinyana engké jaga, bakal ka
seundeuhan batur. Loba batur ti nu anggang, tapi batur anu nyusahkeun. Sing
waspada!
Artinya:
Kalian yang di sebelah utara! Dengarkan! Kota
takkan pernah kalian datangi, yang kalian temui hanya padang yang perlu diolah. Keturunan kalian,
kebanyakan akan menjadi rakyat biasa. Adapun yang menjadi penguasa tetap tidak
mempunyai kekuasaan. Suatu hari nanti akan kedatangan tamu, banyak tamu dari
jauh, tapi tamu yang menyusahkan. Waspadalah!
Sakabéh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu anu perelu.
Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu sarusah, tapi ngan
nu hadé laku-lampahna. Mun ngaing datang moal kadeuleu; mun ngaing nyarita moal
kadéngé. Mémang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu rancagé haténa, ka nu
weruh di semu anu saéstu, anu ngarti kana wangi anu sajati jeung nu surti
lantip pikirna, nu hadé laku lampahna. Mun ngaing datang; teu ngarupa teu
nyawara, tapi méré céré ku wawangi. Ti mimiti poé ieu, Pajajaran leungit ti
alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun
tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti anu kari, bakal réa nu
malungkir! Tapi engké jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya anu laleungit
kapanggih deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu maké amparan. Tapi anu marapayna
loba nu arieu-aing pang pinterna. Mudu arédan heula.
Artinya:
Semua keturunan kalian akan aku kunjungi, tapi hanya pada waktu tertentu dan
saat diperlukan. Aku akan datang lagi, menolong yang perlu, membantu yang
susah, tapi hanya mereka yang bagus perangainya. Apabila aku datang takkan
terlihat; apabila aku berbicara takkan terdengar. Memang aku akan datang tapi
hanya untuk mereka yang baik hatinya, mereka yang mengerti dan satu tujuan, yang
mengerti tentang harum sejati juga mempunyai jalan pikiran yang lurus dan bagus
tingkah lakunya. Ketika aku datang, tidak berupa dan bersuara tapi memberi ciri
dengan wewangian. Semenjak hari ini, Pajajaran hilang dari alam nyata. Hilang
kotanya, hilang negaranya. Pajajaran tidak akan meninggalkan jejak, selain nama
untuk mereka yang berusaha menelusuri. Sebab bukti yang ada akan banyak yang
menolak! Tapi suatu saat akan ada yang mencoba, supaya yang hilang bisa
diteemukan kembali. Bisa saja, hanya menelusurinya harus memakai dasar. Tapi
yang menelusurinya banyak yang sok pintar dan sombong. dan bahkan berlebihan
kalau bicara.
Engké bakal réa nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu
disebut Raja Panyelang! Aya nu wani ngoréhan terus terus, teu ngahiding ka
panglarang; ngoréhan bari
ngalawan, ngalawan sabari seuri. Nyaéta budak angon; imahna di birit leuwi,
pantona batu satangtungeun, kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang.
Ari ngangonna? Lain kebo lain embé, lain méong lain banténg, tapi kalakay jeung
tutunggul. Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian
disumputkeun, sabab acan wayah ngalalakonkeun. Engke mun geus wayah jeung
mangsana, baris loba nu kabuka jeung raréang ménta dilalakonkeun. Tapi, mudu
ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang: undur jaman datang jaman, saban jaman
mawa lalakon. Lilana saban jaman, sarua jeung waktuna nyukma, ngusumah jeung
nitis, laju nitis dipinda sukma.
Artinya:
Suatu saat nanti akan banyak hal yang ditemui, sebagian-sebagian. Sebab
terlanjur dilarang oleh Pemimpin Antar Waktu! Ada yang berani menelusuri terus menerus,
tidak mengindahkan larangan, mencari sambil melawan, melawan sambil tertawa.
Dialah Anak Gembala. Rumahnya di belakang sungai, pintunya setinggi batu,
tertutupi pohon handeuleum dan hanjuang. Apa yang dia gembalakan? Bukan kerbau
bukan domba, bukan pula harimau ataupun banteng. Tetapi ranting daun kering dan
sisa potongan pohon. Dia terus mencari, mengumpulkan semua yang dia temui. Tapi
akan menemui banyak sejarah/kejadian, selesai jaman yang satu datang lagi satu
jaman yang jadi sejarah/kejadian baru, setiap jaman membuat sejarah. setiap
waktu akan berulang itu dan itu lagi.
Daréngékeun! Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi mangsa:
tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol. Tah di dinya,
sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barulé, nu diangon ku jalma
jangkung nu tutunjuk di alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu. Kebo bulé
nyekel bubuntut, turunan urang narik waluku, ngan narikna henteu karasa, sabab
murah jaman seubeuh hakan.
Artinya:
Dengarkan! yang saat ini memusuhi kita, akan berkuasa hanya untuk sementara
waktu. Tanahnya kering padahal di pinggir sungai Cibantaeun dijadikan kandang
kerbau kosong. Nah di situlah, sebuah nagara akan pecah, pecah oleh kerbau
bule, yang digembalakan oleh orang yang tinggi dan memerintah di pusat kota. semenjak itu,
raja-raja dibelenggu. Kerbau bule memegang kendali, dan keturunan kita hanya
jadi orang suruhan. Tapi kendali itu tak terasa sebab semuanya serba dipenuhi
dan murah serta banyak pilihan.
Ti dinya, waluku ditumpakan kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir, tapi
lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah loba nu
manggihna. Tapi loba nu pahili, aya kabawa nu lain mudu diala! Turunan urang
loba nu hanteu engeuh, yén jaman ganti lalakon ! Ti dinya gehger sanagara.
Panto nutup di buburak ku nu ngaranteur pamuka jalan; tapi jalan nu pasingsal!
Artinya:
Semenjak itu, pekerjaan dikuasai monyet. Suatu saat nanti keturunan kita akan
ada yang sadar, tapi sadar seperti terbangun dari mimpi. Dari yang hilang dulu
semakin banyak yang terbongkar. Tapi banyak yang tertukar sejarahnya, banyak
yang dicuri bahkan dijual! Keturunan kita banyak yang tidak tahu, bahwa jaman sudah
berganti! Pada saat itu geger di seluruh negara. Pintu dihancurkan oleh mereka
para pemimpin, tapi pemimpin yang salah arah!
Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-alun jadi suwung, kebo bulé kalalabur; laju
sampalan nu diranjah monyét! Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri teu
anggeus, sabab kaburu: warung béak ku monyét, sawah béak ku monyét, leuit béak
ku monyét, kebon béak ku monyét, sawah béak ku monyét, cawéné rareuneuh ku
monyét. Sagala-gala diranjah ku monyét. Turunan urang sieun ku nu niru-niru monyét.
Panarat dicekel ku monyet bari
diuk dina bubuntut. Walukuna ditarik ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh
kalaparan. ti dinya, turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong, sabari
nyanyahoanan maresék caturangga. Hanteu arengeuh, yén jaman geus ganti deui
lalakon.
Artinya:
Yang memerintah bersembunyi, pusat kota
kosong, kerbau bule kabur. Negara pecahan diserbu monyet! Keturunan kita enak
tertawa, tapi tertawa yang terpotong, sebab ternyata, pasar habis oleh
penyakit, sawah habis oleh penyakit, tempat padi habis oleh penyakit, kebun
habis oleh penyakit, perempuan hamil oleh penyakit. Semuanya diserbu oleh
penyakit. Keturunan kita takut oleh segala yang berbau penyakit. Semua alat
digunakan untuk menyembuhkan penyakit sebab sudah semakin parah. Yang mengerjakannya
masih bangsa sendiri. Banyak yang mati kelaparan. Semenjak itu keturunan kita
banyak yang berharap bisa bercocok tanam sambil sok tahu membuka lahan. mereka
tidak sadar bahwa jaman sudah berganti cerita lagi.
Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kalér ngaguruh ngagulugur, galudra
megarkeun endog. Génjlong saamparan jagat! Ari di urang ? Ramé ku nu mangpring.
Pangpring sabuluh-buluh gading. Monyét ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk
turunan urang; ngamukna teu jeung aturan. loba nu paraéh teu boga dosa. Puguh
musuh, dijieun batur; puguh batur disebut musuh. Ngadak-ngadak loba nu pangkat
nu maréntah cara nu édan, nu bingung tambah baringung; barudak satepak jaradi
bapa. nu ngaramuk tambah rosa; ngamukna teu
ngilik bulu. Nu barodas dibuburak, nu harideung disieuh-sieuh. Mani sahéng
buana urang, sabab nu ngaramuk, henteu beda tina tawon, dipaléngpéng keuna
sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya nu nyapih; nu nyapihna urang
sabrang.
Artinya:
Lalu sayup-sayup dari ujung laut utara terdengar gemuruh, burung menetaskan
telur. Riuh seluruh bumi! Sementara di sini? Ramai oleh perang, saling menindas
antar sesama. Penyakit bermunculan di sana-sini. Lalu keturunan kita mengamuk.
Mengamuk tanpa aturan. Banyak yang mati tanpa dosa, jelas-jelas musuh dijadikan
teman, yang jelas-jelas teman dijadikan musuh. Mendadak banyak pemimpin dengan
caranya sendiri. Yang bingung semakin bingung. Banyak anak kecil sudah menjadi
bapa. Yang mengamuk tambah berkuasa, mengamuk tanpa pandang bulu. Yang Putih
dihancurkan, yang Hitam diusir. Kepulauan ini semakin kacau, sebab banyak yang
mengamuk, tidak beda dengan tawon, hanya karena dirusak sarangnya. seluruh nusa
dihancurkan dan dikejar. Tetapi…ada yang menghentikan, yang menghentikan adalah
orang sebrang.
Laju ngadeg deui raja, asalna jalma biasa. Tapi mémang titisan raja. Titisan
raja baheula jeung biangna hiji putri pulo Dewata. da puguh titisan raja; raja
anyar hésé apes ku rogahala! Ti harita, ganti deui jaman. Ganti jaman ganti
lakon! Iraha? Hanteu lila, anggeus témbong bulan ti beurang, disusul kaliwatan
ku béntang caang ngagenclang. Di urut nagara urang, ngadeg deui karajaan.
Karajaan di jeroeun karajaan jeung rajana lain teureuh Pajajaran.
Artinya:
Lalu berdiri lagi penguasa yang berasal dari orang biasa. Tapi memang keturunan
penguasa dahulu kala dan ibunya adalah seorang putri Pulau Dewata. Karena jelas
keturunan penguasa, penguasa baru susah dianiaya! Semenjak itu berganti lagi
jaman. Ganti jaman ganti cerita! Kapan? Tidak lama, setelah bulan muncul di
siang hari, disusul oleh lewatnya komet yang terang benderang. Di bekas negara
kita, berdiri lagi sebuah negara. Negara di dalam negara dan pemimpinnya bukan
keturunan Pajajaran.
Laju aya deui raja, tapi raja, raja buta nu ngadegkeun lawang teu beunang
dibuka, nangtungkeun panto teu beunang ditutup; nyieun pancuran di tengah
jalan, miara heulang dina caringin, da raja buta! Lain buta duruwiksa, tapi
buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing garong eujeung monyét ngarowotan
somah nu susah. Sakalina aya nu wani ngageuing; nu diporog mah lain satona,
tapi jelema anu ngélingan. Mingkin hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta,
naritah deui nyembah berhala. Laju bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit
dina cacadan; da nu ngawalukuna lain jalma tukang tani. Nya karuhan: taraté
hépé sawaréh, kembang kapas hapa buahna; buah paré loba nu teu asup kana
aseupan……………………….. Da bonganan, nu ngebonna tukang barohong; nu tanina ngan
wungkul jangji; nu palinter loba teuing, ngan pinterna kabalinger.
Artinya:
Lalu akan ada penguasa, tapi penguasa yang mendirikan benteng yang tidak boleh
dibuka, yang mendirikan pintu yang tidak boleh ditutup, membuat pancuran
ditengah jalan, memelihara elang dipohon beringin. Memang penguasa buta! Bukan
buta pemaksa, tetapi buta tidak melihat, segala penyakit dan penderitaan,
penjahat juga pencuri menggerogoti rakyat yang sudah susah. Sekalinya ada yang
berani mengingatkan, yang diburu bukanlah penderitaan itu semua tetapi orang
yang mengingatkannya. Semakin maju semakin banyak penguasa yang buta tuli.
memerintah sambil menyembah berhala. Lalu anak-anak muda salah pergaulan,
aturan hanya menjadi bahan omongan, karena yang membuatnya bukan orang yang
mengerti aturan itu sendiri. Wajar saja bila kolam semuanya mengering,
pertanian semuanya puso, bulir padi banyak yang diselewengkan, sebab yang
berjanjinya banyak tukang bohong, semua diberangus janji-janji belaka, terlalu
banyak orang pintar, tapi pintar kebelinger.
Ti dinya datang budak janggotan. Datangna sajamang hideung bari nyorén kanéron butut, ngageuingkeun nu
keur sasar, ngélingan nu keur paroho. Tapi henteu diwararo! Da pinterna
kabalinger, hayang meunang sorangan. Arinyana teu areungeuh, langit anggeus
semu beureum, haseup ngebul tina pirunan. Boro-boro dék ngawaro, malah budak nu
janggotan, ku arinyana ditéwak diasupkeun ka pangbérokan. Laju arinyana
ngawut-ngawut dapur batur, majarkeun néangan musuh; padahal arinyana nyiar-nyiar
pimusuheun.
Artinya:
Pada saat itu datang pemuda berjanggut, datangnya memakai baju serba hitam
sambil menyanding sarung/gembolan kain tua. Membangunkan semua yang salah arah,
mengingatkan pada yang lupa, tapi tidak dianggap. Karena pintar kebelinger,
maunya menang sendiri. Mereka tidak sadar, langit sudah memerah, asap mengepul
dari perapian. Alih-alih dianggap, pemuda berjanggut ditangkap dimasukan
kepenjara. Lalu mereka mengacak-ngacak tanah orang lain, beralasan mencari
musuh tapi sebenarnya mereka sengaja membuat permusuhan.
Sing waspada! Sabab engké arinyana, bakal nyaram Pajajaran didongéngkeun. Sabab
sarieuneun kanyahoan, saenyana arinyana anu jadi gara-gara sagala jadi
dangdarat. Buta-buta nu baruta; mingkin hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan
kebo bulé. Arinyana teu nyaraho, jaman manusa dikawasaan ku sato!
Artinya:
Waspadalah! sebab mereka nanti akan melarang untuk menceritakan Pajajaran.
Sebab takut ketahuan, bahwa mereka yang jadi gara-gara selama ini. Penguasa
yang buta, semakin hari semakin berkuasa melebihi kerbau bule, mereka tidak
sadar jaman manusia sudah dikuasai oleh kelakuan hewan.
Jayana buta-buta, hanteu pati lila; tapi, bongan kacarida teuing nyangsara ka
somah anu pada ngarep-ngarep caringin reuntas di alun-alun. Buta bakal jaradi
wadal, wadal pamolahna sorangan. Iraha mangsana? Engké, mun geus témbong budak
angon! Ti dinya loba nu ribut, ti dapur laju salembur, ti lembur jadi sanagara!
Nu barodo jaradi gélo marantuan nu garelut, dikokolotan ku budak buncireung!
Matakna garelut? Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang loba; nu boga hak marénta
bagianana. Ngan nu aréling caricing. Arinyana mah ngalalajoan. Tapi kabarérang.
Artinya:
Kekuasaan penguasa buta tidak berlangsung lama, tapi karena sudah kelewatan
menyengsarakan rakyat yang sudah berharap agar ada mukjizat datang untuk
mereka. Penguasa itu akan menjadi tumbal, tumbal untuk perbuatannya sendiri,
kapan waktunya? Nanti, saat munculnya anak gembala! di situ akan banyak
huru-hara, yang bermula di satu daerah semakin lama semakin besar meluas di
seluruh negara. yang tidak tahu menjadi gila dan ikut-ikutan menyerobot dan
bertengkar. Dipimpin oleh pemuda gendut! Sebabnya bertengkar? Memperebutkan
tanah. Yang sudah punya ingin lebih, yang berhak meminta bagiannya. Hanya yang
sadar pada diam, mereka hanya menonton tapi tetap terbawa-bawa.
Nu garelut laju rareureuh; laju kakara arengeuh; kabéh gé taya nu meunang
bagian. Sabab warisan sakabéh béak, béakna ku nu nyarekel gadéan. Buta-buta
laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun ditempuhkeun leungitna
nagara. Laju naréangan budak angon, nu saungna di birit leuwi nu pantona batu
satangtung, nu dihateup ku handeuleum ditihangan ku hanjuang. Naréanganana
budak tumbal. sejana dék marénta tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, geus
narindak babarengan jeung budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan,
parindah ka Lebak Cawéné!
Artinya:
Yang bertengkar lalu terdiam dan sadar ternyata mereka memperebutkan pepesan
kosong, sebab tanah sudah habis oleh mereka yang punya uang. Para
penguasa lalu menyusup, yang bertengkar ketakutan, ketakutan kehilangan negara,
lalu mereka mencari anak gembala, yang rumahnya di ujung sungai yang pintunya
setinggi batu, yang rimbun oleh pohon handeuleum dan hanjuang. Semua mencari
tumbal, tapi pemuda gembala sudah tidak ada, sudah pergi bersama pemuda
berjanggut, pergi membuka lahan baru di Lebak Cawéné!
Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul. Daréngékeun! Jaman
bakal ganti deui. tapi engké, lamun Gunung Gedé anggeus bitu, disusul ku tujuh
gunung. Génjlong deui sajajagat. Urang Sunda disarambat; urang Sunda
ngahampura. Hadé deui sakabéhanana. Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui;
sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu sajati.
Artinya:
Yang ditemui hanya gagak yang berkoar di dahan mati. Dengarkan! jaman akan
berganti lagi, tapi nanti, Setelah Gunung Gede meletus, disusul oleh tujuh
gunung. Ribut lagi seluruh bumi. Orang sunda dipanggil-panggil, orang sunda
memaafkan. Baik lagi semuanya. Negara bersatu kembali. Nusa jaya lagi, sebab
berdiri ratu adil, ratu adil yang sejati.
Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah,
siar ku dia éta budak angon!
Artinya:
Tapi ratu siapa? darimana asalnya sang ratu? Nanti juga kalian akan tahu.
Sekarang, cari oleh kalian pemuda gembala.
Jig geura narindak! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang!
Artinya:
Silahkan pergi, ingat jangan menoleh kebelakang!